Rabu, 29 April 2015

JALAN DIRI MILARI JATI

15 Desember 2012 pukul 7:42

Oleh A Jaka Kinayungan di JATI DIRI,,MANUSIA (Berkas) ·
JALAN
DIRI
Milari JATI

Kaula kaula’aneun
RENUNGAN ALAM ,SILIB DIRI
KARYA
jk kinayungan
BUBUKA

,,,,,,,,Bismilah anu ngabuka, ,,,,,,,,,,,,
Bubuka ieu carita .
Abdi seja muka raga,
Neda ka MAHA KAWASA.
Sugan aya hibar hasil ngadoa
Sareng karamat ti IBU RAMA
Sanes abdi agul diri,tapi abdi syiar ilmi
Hasil abdi muka diri,sugan aya anu sami

Hapunten abdi hapunten
Hapunten kanu tos janten
Hampura abdi hampura
Hampura ka para raja

Sugan wae ieu serat janten inten
Teu kalangkung kanu benten
Abdi nyuhunkeun hapunten

HAPUNTEEEEN……
                                                                                                                                                                                                                                               HORMAT

jk kinayungan
BAB I

AGAMA ?

AGAMA CEUK BAHASA

Baheula kolot nyarita
Urang kudu beragama
Eta teh naon maksudna
Kudu katepi jujutna

Ayena manjing dewasa
Susah senang geus katampa
Kade poma ulah hampa
Kabeh ge aya tapakna

Susah pasti aya sabab
Senang nyata aya mazhab
Geura baca eusi kitab
Kitab nu mukakeun sabab

Nurutkeun harti bahasa
Agama teh nu ngajaga
Ngajaga ieu waruga
Tina hawa hawa dunya

[ A = heuteu. Gama = kacau ..jadi anu beragama hirupna teu kacau ]

Urang teh pamimpin dunya
Geus pasti boga budaya
Asal tina nur cahaya
Nu mawa bagja waluya

Cahaya caang sifatna
Waspada eta watekna
Katingal hasil gawena
Seungit pasti ka ambeuna

Najan dzikirna ngageot
Kabungkus ku kulit peot
Tapi laku huat heot
Pasti balikna oge molotot

Agama kudu dibuka
Lain jadi bahan warta
Agama ageuman nyata
Patokan urang didunya

NAON SABAB KUDU BERAGAMA ?

Laku lampah dimayapada
Kudu mamfaat ayana
Eta hasil anu nyata
Dina kitab nu kabuka

Geura tingal poe tujuh
Gewat baca ayat tujuh
Lain sabab ditawajuh
Kudu ningal ka pituduh

Dina faatihah bubuka
Tujuh ayat anu nyata
Akhir surat jadi fakta
Naon sabab beragama

[ayat tujuh surat al – faatihah anu hartosna wallohu a lam
‘’…….Ulah kalebet ka golongan jalmi anu dolim sareng sasar……….’’]

Ulah jadi jalma dholim
Komo beki dengki iri
Kudu jadi jalma alim
Ngarah sagala kaciri

Jadi sabab nu kabuka
Hirup kudu beragama
Dina faatihah jawabna
Ayat tujuh tah saksina


bersambung............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar