Sabtu, 25 April 2015

RAJAH / Tata, titi, duduga, peryoga.

RAJAH / Tata, titi, duduga, peryoga. 

SAMPURASUN..... _/\_ 

Tata, titi, duduga, peryoga. 

Amit ampun nya paralun, agungna ka wujud gusti 
nu maha suci, jembarna ka para luluhur 
sabudeur awun, ka ibu agung ka rama agung, 
deuheusna ka ibu sinareng ka rama nu jadi 
cukang kuring gumelar di pawenangan, seuja 
nyanggakeun sari pangabakti dina tuangeun 
sareng leu euteun pangasih ti ibu pertiwi, mugi
katampi sarina di dongkapkeun aci rasana, kami,
kama, nusa, sari nusa, nu jadi sari titis waris
nusa jati, geus jadi uga nu natrat dina waruga,
gumulung ngajadi sumsum ngajadi balung, jadi
bagal pikeun pangawasa, 



Seuweu siwi neuda ampun nya paralun, neuda
jembar nya pangampura, bilih seuweu siwi
kurang nastiti, tambelar ireg talingeuh, kurang
tata kurang basa, bisi salah ngentep seureuhna,
pahuat pahuit, pakutrak paketrok, bisi congo
kajieun puhu, bisi puhu di jieun congo, seuweu
siwi nyungkeun di aping di jaring, di raksa, di
jaga, nitip diri keur ngampihna, ngawiyat waruga
keur ngencarna, mugi di lingling ti peutingna,
muga di langlang ti beurangna, jadian kuras,
jadian taun, waluya somah di rahayuna, bagja
raja, raharja nagarana,. Yu rahayu, yu rahayu,
rahayu satungtung umur, raharja sapanjang
yuswa, singa jadi nu di sungsi, singa wujud nu di
tuju, laksana sapaneuja...
Adab kawula kanu maha kawasa,
Adab kawula ka sasama,
Adab kawula pikeun ka kawula.

Nyanggakeun ya alloh tuangeun sareng leu
euteun mugi jadi ciri mung salira nu gaduh
kahoyong, sanes kanggo syetan atanapi iblis,
susuguh abdi sanes kangge siluman, ci kopina
sanes kangge jin, sadaya nu aya kanggo alloh
subhanahu wata'ala.. da abdi mah hanteu aya,
aya soteh pedah di ayakeun, nu hoyong salira, nu
lapar salira, nu usik salira, nu murba ngawisesa
di sagala nu araya,
Allohuma sri tumurung saking berkatulloh,
Allohuma sri tumurung saking rohmatulloh,
Allohuma sri tumurung saking safa'atulloh, 


MI AKAR KAWAT, MI JANGKARNING SAHADAT,
NUN SUMUHUN GUSTI, WUWURUK BENERNA KITA
NYEBAT KITU, ISLAM LAWAS ISLAM ANYAR, NU
TEU LAWAS, NU TEU ANYAR, ISLAM PANGANDIKA 


ALLOH,..
ALLOHU AKBAR... 

3 komentar:

  1. Sampurasun...izin copas bade ngamalkeun sing manfaat,berkah dunia akhirat...

    BalasHapus
  2. Harrah's Cherokee Casino & Hotel - MapYRO
    Harrah's Cherokee Casino 포천 출장안마 & Hotel is 군포 출장안마 located in the heart of the Great Smoky 영천 출장마사지 Mountains of Western North 통영 출장샵 Carolina, just 15 miles 구리 출장마사지 west of Asheville.

    BalasHapus